Rumapaka Kawih Bulan Bandung Panineungan
BULAN
BANDUNG PANINEUNGAN
Laras :
Madenda Sanggian : H.Koko Koswara
Surupan :
4=G Rumpaka
: Wahyu Wibisana
Mun sareupna geus mimiti katembong nyimbutan
Bandung
Angin Lembang turun laun – ngabubuhan
Langit mayung – Bulan beukah
Mangkat hiji lagu, kedaling katineung ati –
deudeuh…
Mun kareta pangakhirna geus anjog ka kota
Bandung
Sinyal beureum malang deui – ngahalangan
Kota hurung – Bentang mijah
Ngaleu hiji lagu, kedaling kasmaran pikir –
aduh…
Harewos peuring marengan hiji lamunan
Bulan di langit Bandung – nyaangan
Ngagentenan paneuteupna – pangimplengan
Langit isuk angger biru, nya Eulis…
Hariring peuting pamirig hiji impian
Bulan di langit bandung – nyaksian
Wawakil ti pameunteuna – panineungan
“Kembang mawar angger beureum, nya Eulis…
Mun radio geus karungu nembangkeun lagu
pamungkas
Mirig sora anca halon – pileuleuyan
Peuting cicing – Kota jempling
Jerit hiji lagu, kedaling kakeueung hate –
deudeuh
Mun balebat gagatrina geus hibar wetaneun
Bandung
Anggin nonggoh lalaunan – muru Lembang
Bulan suruo – Langit Biru
Tamat hiji lagu, harepan tembong ngalangkang
– aduh
Bandung, 15
September 1960
Komentar
Posting Komentar